.quickedit{ display:none; }

Friday 6 January 2012

Alam Mahsyar


Masya Allah Geuning Mahsyar
Di Akhérat Kabéh Ngampar
Tina Pakuburan Mencar
Ngarumpul Di Alam Mahsyar



Ari Ngaran Mahsyar Ěta
Palataran Anu Lega
Panasna Waktu Harita
Panon Poé Tujuh Nyata

Henteu Aya Iyuh-Iyuh
Pikeun Tempat Urang Ngiyuh
Salawasna Ngan Pakéwuh
Dupi Naraka Ngaguruh

Kafir Musyrik Téh Ngaromong
Ieu Siksaan Kasandang
Sugan Téh Nabi Mah Bohong
Ngan Awak Urang Bedegong

Mantak Kudu Jadi Jalma
Anu Netepkeun Agama
Kudu Sholat Waktu Lima
Eta teh tihang Agama

Tapi Lain Janji Sholat
Aya Rukun Aya Syarat
Kana Ngaji Masing Werat
Bisina Kaburu Sakarat


No comments:

Post a Comment