.quickedit{ display:none; }

Wednesday 30 November 2011

Di Surga Tujuh Golongan ( Nazhom )


Umat Nabi dicawisan
Di surga tujuh golongan
Kahiji budak nonoman
Getol tobat ka Pangeran

Ka dua jalma běrěhan
Shodaqoh teu ditěmbongkeun
Ka tilu nu unggal dinten
Sholat dluha didawamkeun

Opat tukang berjama’ah
Sanajan seueur kariweuh
Leungit harta henteu susah
Batan tinggal berjama’ah

Ari anu ka limana
Jalma nu ngocor cipanon
Banget isin ku Pangeran
Dosa alit ditobatan

Ari anu ka genepna
Resep ngariung ulama
Ngadangukeun piwurukna
Sangkan bagja akhěratna

Ari anu ka tujuhna
Jalma anu tara zina
Sanajan geulis ngagoda
Sieun ku siksa Naraka


Pupujian Sunda

عَمْدًا     مُتَعَمِّدًا
مَنْ تَرَكَ صَلَاةَ خَمْسٍ
جَهَنَّمْ خَالِدًا فِيْهَا
فَجَزَاءُهُمْ فَجَزَاءُهُمْ
saha jalma anu tinggal kana sholat
l i m a   waktu   t u r  dihaja
Mangka dibales bakal dibales
diasupkeun ka Naraka Jahanam